SERAT KANYAAH

 Kahatur

Bapak H.Rudi Gunawan

di

Tempat

Assalamualaikum,Wr.Wb

Langkung tipayun simkuring seja muji ka Dzat anu maha suci Allah Swt,Sholawat kalih salamna pamugi salamina dilimpah curahkeun ka baginda Nabi Muhammad Saw.

Bapak H.Rudi Gunawan salaku Bupati Garut anu kusimkuring dipikahormat mudah mudahan aya dina kasehatan salamina lahir sinareng batinna.Amiin

Bapak,simkuring teu aya sanes bade ngemutan ka bapak oge manawi emut keneh, waktos bapak dongkap ka lembur simkuring, nya eta  anu linggihna di Kp.Parigi RT/RW.04/06 Desa Cilampuyang Kecamatan Malangbong. Numawi 2 tahun kapengker bapak kantos ngobrol kantos balakecrakan sareng warga anu aya diieu pakampungan anu kalintang tebihna tipakotaan sareng kaayaan ngan saukur ngandelkeun tina hasil tani anu saalakadarna. 

atuh manawa sareng manawi bapak tiasa dongkap deui ka ieu kampung anu lungkawing anu tebih tina panataanna sareng kirang layak kanggo ku bapak didampalna ieu jalan kalayan rungseb sareng leueurna kacida,numawi bapak kapok deui kanggo tiasa dongkap deui ka ieu kampung,hapuntenna waktos kapungkur bapak, teu tiasa nyugemakeun teu tiasa ngaistimewakeun sakumaha mestina kadongkapan tatamu tebih tina kautamian.

Bapak, sim kuring memang asa kirang pantes sareng kacida henteu pantesna kedah ngadugikeun ieu serat ,ieumah panginten pamugi tiasa ka aos sareng tiasa dugi k bapak, sim kuring salaku Rw na ieu tawis ka deudeuh oge nyaah kawarga anu aya dikampung parigi anu tebih timana meni pamugi tiasa dibebenah kalayan hoyong dijadikeun kampung wisata anu layak anu endah katingalna,supaya warga didieu tiasa gaduh mata pencaharian ekonomina kuat sakumaha mistina oge sakumaha anu aya dina misi bapak ngawangun ngaratakeun pembangunan anu adil sareng sae dina infrastrukturna anu sesuai sareng lingkunganna.

Bapak,panginten simkuring moal seueur saur kalayaan atos teu kiat ku nyurucud cai kesang anu teu katahanna, pamugi babak kaketuk manahna tiasa ngajantenkeun sakumaha harapan warga didieu ku sim kuring dilampirkeun dokumentasi kaayaan lembur.






Bapak, mung sakitu anu tiasa kadugikeun hapunteun anu saageung ageungna sim kuring salaku Rw tos kumawantun ka bapak pamugi ageung nawakupna.

Wassalamualaikum wr.wb



Komentar