SERAT KANYAAH
Kahatur Bapak H.Rudi Gunawan di Tempat Assalamualaikum,Wr.Wb Langkung tipayun simkuring seja muji ka Dzat anu maha suci Allah Swt,Sholawat kalih salamna pamugi salamina dilimpah curahkeun ka baginda Nabi Muhammad Saw. Bapak H.Rudi Gunawan salaku Bupati Garut anu kusimkuring dipikahormat mudah mudahan aya dina kasehatan salamina lahir sinareng batinna.Amiin Bapak,simkuring teu aya sanes bade ngemutan ka bapak oge manawi emut keneh, waktos bapak dongkap ka lembur simkuring, nya eta anu linggihna di Kp.Parigi RT/RW.04/06 Desa Cilampuyang Kecamatan Malangbong. Numawi 2 tahun kapengker bapak kantos ngobrol kantos balakecrakan sareng warga anu aya diieu pakampungan anu kalintang tebihna tipakotaan sareng kaayaan ngan saukur ngandelkeun tina hasil tani anu saalakadarna. atuh manawa sareng manawi bapak tiasa dongkap deui ka ieu kampung anu lungkawing anu tebih tina panataanna sareng kirang layak kanggo ku bapak didampalna ieu jalan kalayan rungseb sareng leueurna kacida,numawi...